Friday 6 November 2009

Sisindiran, Pantun Sunda / Campuran

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh
Lampu pareum kadupak mbe
Meuli lilin di bunderan
Dina forum ieu BG
Diayakeun thead sisindiran

Cing ciripit tulang bajing kacapit
kacapit kantun luhurna.
Cing eusian ieu thread saalit
ku pantun panglipur lara.

Nu keur nyeuseuh diwalungan
Kaenna palid ka ranca
Nu resep kana sisindiran
Geura ngeusi ieu hanca

naik kuda ti karangpawitan.
jalanna kacikuray
sok kang deka geura kawitan.
dari pada ke ngacay

meuli calana ticiawitali
kacitarum meuli belut.
yuk kang hendra urang ngarumpi
di forum blogger garut.

kapasar mawa rancatan.
inditna subuh pisan
sok nizard geura mimitian.
duit jeung susuguh geura bukaan

hudang sare nyeuri beuteung
melong belut di pipitian
budak leutik borojol tina beuteung
ngagowak

meuli ciki ti warung
wadahna kana korang
eta c rifqi milu nimrung
teu sangka teu kabayang.

meli bata ti garut
rek kakota jalan-jalan
anggota ulah camberut
hayu urang sisindiran.

meuli manggu sisi jalan.
najembatan aya cereme.
malem minggu ulah sisindiran
mendingan neangan awewe.



1. ngaborong doran jeung hayam
diparaban sampeu atah
wilujeng boboran siam
mugi urang wangsul fitrah

2. boh bilih ngical kalapa
candakna nganggo carangka
boh bilih kalindih murka
muga kersa ngahampura

3. boh bilih ka Sukajadi
ulah hilap meser roti
boh bilih kalangsu dengki
muga kersa ngamaklumi

4. salami di Sukajadi
teu ningalkeun kuring salat
Salami urang pahiri
urang silih pundut maaf

5. lamun kuda mirip itik
loba jalma lalumpatan
salami urang kumelip
tangtos seueur kalepatan

6. cecendet mande kiara
dijualan make panci
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi ingkar janji

7. mun cecendet mande kiara
gera cokot hiji-jiji
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi nganyenyeri

8. mun indit ka Sukmanah
ulah poho ka Pa Lurah
mugi anjeun jembar manah
sabab kuring niat pasrah

9. hirup kumbuhna manusa
tangtu kungsi haramjadah
kuring pasrah tumarima
laku lampah teu merenah

10. meuli kacu ejeung gincu
mawana bari disuhun
rumasa ngagugu nafsu
matak kuring nyuhun ampun

11. mun indit ka Ujungberung
bari mawa awi tali
rumasa kungsi ngaberung
mugi Gusti kersa nampi

No comments: